Wawa Warno
Silih Asuh ku pangaweruh, Silih Asah ku pangabisa, Silih Asih ku pangarti
 
 
 
 

Pengunjung

195988
 

Diajar Ngarang Carpon

oleh Hadi Aks pada 28 Januari 2012 pukul 10:27 · (Dicandak tina Catetan di Pacebok)

1. Kumaha Ngamimitianana?

    Ceu Onéng tatangga kuring boga pangalaman anu kacida ahéngna. Ceuk pangra-sana moal tepi ka kasorang ku nu lian mah éta pangalaman téh, kawasna wungkul ngan tumiba ka dirina sorangan. Hanjakalna éta pangalaman téh henteu bisa diambéng dido-ngéngkeun ka nu lian, bubuhan raket pakaitna jeung ajén dirina salaku awéwé, malah salaku manusa.

    Mulek ngulibek baé, disidem baé dina angenna éta pangalaman téh. Tepi ka hiji mangsa, Ceu Onéng pareng maca hiji carita pondok dina majalah. Manéhna banget kataji ku éta karangan, lantaran anu dicaritakeunana méh sarua jeung pangalaman anu disidem ku manéhna salila ieu. Ditilik tina jejer caritana mah geus kaasup lumrah saenyana. Carpon anu dibaca ku Ceu Onéng téh nyaritakeun awewe urang lembur anu miang ka kota rek nyiar pagawéan. Ari hég bet kalah tigebrus. Dikukut ku germo di hiji panti pijet sarta kudu ngaladénan napsu lalaki saban peuting.

Enya, méh sarua pisan jeung nu kaalaman ku Ceu Onéng. Bédana téh pangalaman manéhna mah leuwih ahéng, leuwih keueung. Manéhna mah lain dikukut ku germo. Lain ngalayanan napsu rupa-rupa lalaki, tapi leuwih biadab ti éta. Manéhna kapaksa kudu nurut, ngaladénan napsu bapana sorangan.

Ti harita ti barang maca carpon dina majalah, Ceu Onéng bet kumejot hayang nuliskeun pangalaman hirupna. Hayang ngarang carita pondok. Ngan teu burung manéh-na hulang-huleng. Kumaha nulisna? Ti lebah mana mimiti dicaritakeunana? Kumaha sangkan geter-geter haté bisa hirup dina karangan? Kitu pananya nu saharita ngarungkup pikiranana.

Kasurung ku karep nu ngabebela, hayang nuliskeun pangalaman nu lawas minuh-an dadana téa, trét Ceu Onéng ngarang. Nyieuhkeun rupa-rupa pananya anu tadi nga-ganggu pikiranana. Teu aya préténsi naon-naon. Teu kaimpleng hayang jadi pangarang. Malah teu ieuh jadi pikiran, naha éta karanganana téh engké bisa dimuat dina majalah atawa henteu. Nu puguh kumejot hayang ngarang téh wungkul lantaran hayang ngedal-keun kereteg angen. Peun, ngan éta.  

**

    Aya deui dongéng Kang Oik. Manéhna ogé sarua hayang diajar ngarang, ngan henteu kawas Ceu Onéng. Pangna kitu lantaran Kang Oik mah teu weléh asa kaka-langkangan, malah asa dibangbaluhan ku tiori. Bubuhan lulusan ti fakultas sastra, kawe-ruhna kana tiori sastra téh geus hatam pisan. Naon ari carita pondok, naon baé unsur-unsur intrinsikna, kumaha sajarah kamekaranana, jeung sabajana, geus katalar pisan. Cindekna lamun seug Kang Oik ditanggap sina ngaguar tiori carpon mah moal teu noro-lang.  

Hiji peuting mah Kang Oik mereketkeun manéh rék ngarang carpon. Cikopi medok saemuk, ngebul gigireun komputerna. Roko Djarum Super 16 ogé tepi ka tilu bungkus sasadianana téh. Atuh buukna ogé maké dibaseuhan sagala rupa, ngahaja ngarah seger kana pikiran majarkeun téh. Bahan picaritaeun geus ngalangkang. Geus kacipta rék dikitukeun rék dikieukeun carita pondokna téh. Gék manéhna diuk nyanghareupan komputer. Térékték nulis judul, “Kang Adud Préman Subang”. Ngahaja nulis judulna ogé digedékeun dina layar komputerna téh.

Leng ngahuleng....sajam, dua jam..., cacap tepi ka subuh!

Cikopi geus béak tilu emuk. Asbakna geus mucung ku kuntung. Ngan baé karang-anana ukur meunang satengah kaca. Teu laju-laju. Kang Adud tokoh carita anu geus hirup dina implenganana teu daék ngajanggélék dina karanganana. Réa mandeg téh lantaran terus kaganggu ku rupa-rupa timbangan. Ké, kumaha point of view-na ieu téh? Latar caritana asa teu karasa. Ih, karakter palakuna gé teu puguh deuih. Leuh, jaba apan kudu aya suspence dina carpon téh, ngarah matak panasaran nu maca. Kumaha ieu téh?

Kang Oik nepakan tarang. Baluweng.

**

    Dua conto di luhur téh minangka ilustrasi anu bisa dipaké eunteung. Nu mana nu leuwih hadé upama urang rék diajar ngarang. Naha rék alamiah kawas Ceu Onéng. Prak baé ngarang sanajan henteu dibarengan ku kaweruh kana tiori. Atawa kawas Kang Oik, apal heula tiorina bari tuluy kahihileudan ku tiori?

    Bisa jadi leuwih hadé prak baé ngarang.

Dina sastra Sunda, teu saeutik pangarang anu henteu ‘wawuh’ kana tiori téh. Ma-lah boa nyingkahan. Tapi maranéhna produktif, réa nulis carita pondok. Sakadar keur conto, bisa disebut upamana baé Ahmad Bakri, Adang S., jeung Holisoh M.E. Elmu ngarangna lain tina buku-buku anu medar paélmuan sastra, tapi tina hasil maca sarta neuleuman karya nu lian. Ieu pisan sigana anu penting keur nu aya karep hayang diajar ngarang téh. Kudu réa maca heula karangan nu lian. Ngarah aya babandingan. Ka dituna urang bakal boga takeran, bisa ngawilah-wilah, nu kumaha ari carita pondok téh, mana carita pondok nu hadé jeung mana anu goréng, jsb. Lebah kudu nimbang-nimbang mana ari carpon anu hadé keur dibaca, urang bisa macaan buku-buku kumpulan carpon anu geus medal. Buku-buku kumpulan carpon modél kitu mah geus puguh timbanganana, boh timbangan éditor nu ngajén atawa milihan éta carpon, boh timbangan penerbit anu medal-keunana. Di urang réa pisan buku kumpulan carpon téh. Aya anu mangrupa kumpulan karya hiji pangarang, aya ogé anu mangrupa antologi, kumpulan karya sababaraha urang pangarang. Nu disebut pandeuri upamana baé Petingan (Pustaka Daséntra, 1983), Guriang Tujuh (Kumpulan Carpon Sastrawati Sunda, Rahmat Cijulang, 1984),  Sawidak Carita Pondok (PT Manglé Panglipur, 1986), Kanagan (Kumpulan Carpon Pinilih Mang-lé, Geger Sunten, 2003), jeung Surat keur ka Sawarga (Kumpulan Carpon Sastrawati Sunda, Kiblat, 2004).

    Cindekna, kumaha kudu ngamimitianana upama urang rék diajar ngarang, sigana teu aya deui cara iwal ti kudu prak ngarang. Geuning ceuk paribasa deungeun, sing saha nu hayang bisa ngojay, kudu ngagebruskeun manéh ka jero cai. Rék kumaha jadina karangan urang, naha bulé naha hideung, naha nyumponan kana ajén sastra atawa henteu, ulah teuing dipikiran. Éta mah engké bakal nuturkeun, saluyu jeung karep atawa kadaék urang. Salila urang keyeng bari tuluy diajar tina karya nu lian téa, macaan karya para pangarang, insya Alloh urang bakal bisa nulis karangan anu hadé.

    Ceuk Adang S. Dina bukuna Diajar Ngarang Carita Pondok, aya tilu cara anu kudu disorang upama urang hayang jadi pangarang: getol maca, getol diajar, jeung daék campur gaul jeung pangarang.

Getol Maca. Maca naon?

Maca naon baé anu mangpaat, naha élmu pangaweruh atawa karangan fiksi (car-pon, novel jeung sajabana) anu bakal ngahudang beuki gedéna karep urang diajar ngarang. Pikeun calon pangarang, réa maca karya para pangarang téh di antarana bisa ngajembaran kabeungharan basa. Ieu apan pakakas anu poko pikeun pangarang mah, kamampuh sarta kamahéran ngagunakeun basa. Sakumaha alusna bahan picaritaeun, upama henteu dirojong ku kamampuh ngolah basa mah hiji karangan bakal cawérang, teu matak kataji nu maca.   

Sagédéngeun éta, ku réa maca karangan batur, urang bakal kahudang karep ha-yang ngarang. Boga motivasi kuat kitulah ceuk basa légégna mah. Sakapeung mah sok kumejot pisan hayang nulis sabada maca karangan batur téh. Kawas tadi lalakon Ceu Onéng téa. Kitu deui, ku mindeng maca urang bakal bisa neuleuman gaya masing-masing pangarang. Ka dituna éta gaya pangarang téh sok tuluy ‘diturutan’, disaluyukeun jeung watek atawa karesep séwang-séwangan. Pikeun pangarang anyar anu jiwana romantik upamana, resep kana suasana anu lantip, ngagalindeng, tangtu bakal kataji ku karangan-karangan Syarif Amin. Sawatara novel Syarif Amin, upamana baé Manéhna, Babu Kajajadén, atawa Nyi Haji Saonah, kaasup karya-karya romantik anu ngagalindeng tur nyongcolang pisan, hésé babandinganana dina sastra Sunda mah. Ari pikeun calon pangarang anu jiwana hégar, resep heureuy, cawokah, bakal kayungyun ku karya-karya Ahmad Bakri. Novelna Asmaramurka, Juru Tulis Malingping, atawa kumpulan carponna Ki Merebot, nuduhkeun karya nu leubeut ku hal-hal nu matak lucu pikaseurieun.

Naha kaci upama urang nurutan gaya nu lian? Naha moal disebut epigon, tuturut munding? Keur saheulanan mah, dina tahap-tahap munggaran urang diajar ngarang, teu matak pamali. Ulah sotéh urang terus néplak bari teu aya usaha hayang nyingkah, ngabé-dakeun manéh. Sual pangaruh, karya hiji pangarang kapangaruhan ku gaya pangarang anu tiheula, kawasna teu bisa dileuleungit. Malah Rahmatullah Ading Affandie (RAF), pangarang nyongcolang dina sastra Sunda, kungsi pok pisan balaka yén anjeunna kapa-ngaruhan pisan ku karya-karya Syarif Amin.

Ngan pangarang anu maca, anu tuluy diajar ngajembaran dirina, anu karyana bakal nyongcolang téh. Upama teu kitu, langka daék maca karangan batur, tanwandé karyana bakal jalan di tempat. Ngulibek dina pasualan anu geus lecek réa ditulis ku batur. Karyana heureut pakeun, boh téhnikna boh bahan caritana, kitu-kitu kénéh teu matak hégar anu maca.      

Getol Diajar. Ieu saenyana bagian anu pangpentingna, nyaéta diajar tuluy-tuluyan. Ku cara latihan ngarang saban waktu, kamampuh urang laun-laun bakal kaasah. Bakal seukeut lila-lila mah. Ngarah sumanget ngarang tetep aya, leuwih hadé upama hiji karangan anu geus ditulis henteu diantep gular-golér dina méja, tapi tuluy dikirimkeun ka majalah atawa koran. Kumaha carana? Kari néangan di mana alamatna majalah atawa koran anu rék dikiriman karangan ku urang téh. Di urang ayeuna aya sawatara media massa anu sok ngamuat karangan carita pondok, upamana baé majalah Manglé, Cupu-manik, Sunda Midang, Suara Daérah, koran Galura, Giwangkara, jeung Koran Sunda. Upama geus apal alamatna, kari ngirimkeun karangan urang ngaliwatan pos. Keurna rék digidig langsung dianteurkeun ka rédaksina ogé teu matak nanaon ari sakira teu matak barabé mah. Tangtu baé karangan anu dikirimkeun téh minangka karya anu geus diang-gap ‘jadi’ ceuk timbangan urang.  Ketikanana beresih henteu curat-corét, karanganana henteu panjang teuing, cukup ku 3 atawa 4 lambar. Lebah ukuran panjang-pondokna karangan carpon, engké urang pedar pandeuri.

Upama karangan urang teu dimuat ku rédaktur, tangtu ulah gancang peunggas harepan. Bisa jadi karangan urang can manjing kana ukuran karangan anu pantes dimuat. Hanjakalna langka, malah boa teu aya, rédaktur anu haat daék mulangkeun sarta méré kamandang kana hiji karya pangarang anyar anu can manjing téa. Tangtu kama’lum. Rédaktur bakal riweuh pisan upama kudu méré koméntar kana saban karangan anu katampa. Sanajan kitu, upama urang jol deui jol deui ngirimkeun karangan, ilaharna sok jadi catetan Kang Rédaktur. Komo upama karya urang anu kadua, katilu, katujuh, beuki undak ajénna mah. Piraku maké lapur pisan teu aya anu dimuat.

Upama karangan urang langsung dimuat. Wah, éta mah milik gedé. Hiji anugrah. Kabagjaan anu taya hinggana keur pangarang anyar mah. Efek psikologisna pohara hé-batna. Teu saeutik pangarang anyar anu tuluy dagdag-dégdég saharita nalika apal ka-ranganana dimuat. Majalahna ditémbong-témbong ka kabogoh, ka pamajikan, ka mitoha, ka tatangga, ka saha baé anu nganjang ka imahna. Karanganana dina majalah téa hantem dibulak-balik dibaca deui, bari sakapeung umat-imut semu rebéh. Reueus, asa enya geus kaaku jadi pangarang. Sumanget ngarangna tuluy hurung ngabebela.

Tangtu henteu unggal pangarang anyar kitu pepetaanana. Ngan ceuk tadi gé pangaruhna pohara gedéna. Karangan bisa dimuat dina majalah téh kudu jadi tujuan utama pikeun anu enya-enya aya karep hayang jadi pangarang mah.

Campur gaul jeung pangarang. Naon mangpaatna?

Ku mindeng pagésrék mah batu ogé kapan sok tuluy panas, sok tuluy hurung. Kitu kira-kira upama dipapandékeun. Mindeng campur gaul jeung pangarang sakurang-kurangna urang bakal kahudang hayang terus diajar ngarang. Béh dituna urang bakal mulungan kabisana, sumangetna, kabiasaanana, prosés kréatifna.

Eudora Welty pangarang nini-nini ti Amérika, upama rék ngarang téh cenah sok terus manteng ngahirupkeun tokoh carita dina implenganana, tepi ka katénjo réngkakna, tepi ka kadéngé kumaha ngomongna. Lamun geus ngalangkang kitu, kakara éta nini-nini téh nulis ngadekul. Lebah néangan inspirasi, A.A. Navis pangarang anu kawentar ku carponna Robohnya Surau Kami, cenah sok anteng nagog di WC. Ceuk béja éta pisan pangna A.A. Navis tuluy katerap kasakit ambéyen. Atuh pangarang Sunda, teu kurang-kurang miboga kaunikan séwang-séwangan. Godi Suwarna upamana, kungsi ngadongéng yén manéhna sakapeung sok nyiptakeun heula suasana ahéng saméméh parak ngarang. Nyeungeut lilin, meuleum dupa, ti dinya kakara ngumbar imaji bari ngetik.   

Prosés kréatif pangarang di batur mah geus aya nu narulis, tepi ka bisa kabaca ku saha baé anu hayang diajar ngarang. Dina sastra Sunda mah can kungsi dibukukeun pangalaman ngarang para pangarang sarupa kitu téh. Padahal dina taun 1977, Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PP-SS) kungsi nanggap para pangarang sina ngaguar prosés kréatifna. Ceuk béja tulisan pangalaman para pangarang éta téh aya anu ngumpulkeun, tapi tepi ka kiwari can kungsi medal.

Éta pisan kasang tukangna, lantaran kabita ku buku-buku anu medar prosés kréatif para pangarang, awal taun 90-an kuring kungsi méntaan sarta ngumpulkeun tulisan prosés kréatif para pangarang Sunda. Hanjakalna, ku sabab hayang lengkep, hayang kakumpulkeun pangalaman ngarang ti para pangarang Sunda anu maroyan, éta naskah anu jumlahna kakara 12 karangan téh can bisa terbit jadi buku tepi ka ayeuna. Nya kitu téa, para pangarang anu dipénta sina nuliskeun pangalamanana téh, engké jeung éngké baé jawabanana. Antukna sumanget anu tadina gedé hayang medalkeun éta buku, tuluy luntur lalaunan. Pleng baé tungtungna mah poho. Hiji mangsa nalika Hawé Setiawan nganjang ka imah, bras ngawangkong sual éta, nya tuluy ditéangan. Ari goréhél téh naskahna kapanggih geus méh rarapet, jaba dipaké sayang babakaur. Hawé gogodeg. Keun ku uing rék ditambahan, sarta bukuna engké urang judulan “Babakaur dina Sastra Sunda,” pokna bari nyakakak.

Ngahaja rada papanjangan nyaritakeun perluna aya buku anu medar prosés kréatif para pangarang téh. Maksud téh raket pisan pakaitna jeung ‘campur gaul’ jeung panga-rang téa. Keurna urang teu bisa langsung campur gaul jeung maranéhna, ku maca pangalamanana mah apan méh sarua baé.     

2. Tiori, Naha Perlu?

    Sanajan tadi geus ditétélakeun yén tiori sok ngabangbaluhan, aya hadéna upama urang paham kana paélmuan kurung-karang. Élmu mah apan tetep gedé mangpaatna jaba teu kudu beurat mamawa. Anu kudu dipahing téh, ulah tuluy dibeungbeuratan ku tiori kawas Kang Oik. Ku cara maca tiorina, urang jadi terang upamana, naon ari carita pondok téh, unsur naon baé nu kudu aya dina hiji karangan carita pondok.

    Enya, naon atuh ari carita pondok téh?

    Réa pisan pamadegan para ahli anu nerangkeun wangenan carita pondok téh. Teu kudu diguar papanjangan, urang cokot nu pokona baé. Ongkoh sok matak lieur apan ari perkara definisi mah. Carita pondok téh karangan rékaan (fiksi) anu wangunna pondok, kira-kira 3-4 kaca majalah, anu ngasongkeun hiji kajadian. Palakuna umumna tara loba, cukup ku saurang atawa duaan palaku utama. Dina carpon mah carita téh kudu sing sarwa singset tur pepel. Anu pokona pisan nyaéta ayana hiji kajadian. Upama urang nyaritakeun kaayaan di pasar, sanajan tepi ka témbrés ogé nyaritakeunana can bisa disebut carpon. Iwal lamun di éta pasar aya copét anu diteunggeulan lantaran kaperego maok dompét upamana. Aya hiji peristiwa anu diasongkeun!

    Ku sabab kudu singset téa, lebah muka carita ogé ulah ngagebay papanjangan, tapi kudu langsung mawa nu maca kana hiji kajadian. Dina sastra Sunda carpon anu wandana kitu téh sok mindeng kénéh kapanggih. Pangarang anteng nyaritakeun latar atawa nyaritakeun implengan palaku. Ceuk Rosihan Anwar mah sepuluh kata pertama téh konci anu kacida pentingna, naha hiji carita rék tuluy dibaca ku nu maca atawa moal. Malah Anton Chekov, pangarang Rusia anu kamashur leuwih tandes deui. Upama anjeun ngarang carpon pokna, tilepkeun wé kaca anu kahijina mah, tuluy soéhkeun sarta piceun bagian anu luhurna!  

    Salian ti kudu aya palaku jeung hiji kajadian, naon deui unsur séjénna?

    Ieu ogé urang tingkes anu pokona baé.

    Galur jeung plot. Rada hésé saenyana nétélakeun plot téh, da sok nyumput dina guluyuran carita. Sakadar keur gambaran, anggap baé urang nyaritakeun Kang Adud anu jadi préman Subang, éta disebutna galur. Upama urang nyaritakeun Kang Adud maot alatan dipergasa ku baturna, éta plot. Tegesna plot téh hiji konflik, hiji kajadian anu bakal ngahudang klimak carita.

    Point of view, nyaéta rék ngaliwatan saha pangarang cacarita. Naha rék maké tokoh kuring, manéhna, atawa ngaran hiji jalma. Pikeun pangarang anyar, ilaharna nu umum sok dipaké téh tokoh kuring. Pangna kitu lantaran bahan anu dicaritakeun téh beunang ngaraéh tina pangalaman sorangan. Sanajan kitu “kuring” dina karangan henteu  salilana jadi tuduh pangalaman pangarangna.  

Téma jeung amanat. Pangarang nulis karangan téh lantaran kajurung hayang nepikeun hiji jejer pasualan, naha sual ajén kamanusaan, perjoangan, katelengesan, asih nu peunggas di tengah jalan, jsb. Ieu téma carita téh henteu nembrak, henteu dipokkeun ku pangarang, tapi nyumput buni dina carita. Kapanggihna atawa karasana sanggeus urang réngse maca. Kitu deui amanat, bisa dilenyepan satutasna urang tamat maca hiji carita. Euh, kitu geuning pamustunganana jalma anu telenges téh. Kitu balukarna jalma anu ngugulung harta banda téh, jsb. Kadieunakeun mah, ku kamekaran sastra modéren ayeuna, éta amanat téh henteu ‘hitam-putih’ kitu diasongkeunana ku pangarang. Carita sakapeung ngan saukur imprési, rékaman kajadian sabéngbatan, tapi ku katapisan panga-rang karasa antebna kana mamaras nu maca. Carpon “Puteri Tidur” tarjamahan tina Sleeping Beauty karya Marquez upamana, ngan saukur nyaritakeun hiji lalaki anu kagendam ku mojang geulis di bandara. Éta mojang téh bet kabenaran diuk pagigir-gigir dina pesawat, sarta saré ngageubra. Teu aya paguneman naon-naon. Tokoh kuring salila-lila manteng mikiran mojang geulis gédéngeunana.

    Karakter atawa pasipatan palaku. Pangarang kudu bisa negeskeun pasipatan palaku anu dilalakonkeun, naha tina pikiranana, omonganana, atawa réngkak paripolah-na. Ieu pasipatan téh kudu angger deuih ti awal tepi ka tungtung carita. Pangarang kudu konsisten ngajaga karakter para palaku séwang-séwangan. Lebah aya robahna, ilaharna lantaran aya peristiwa anu mangaruhan kana jiwa palakuna. Lamun teu kitu, nu maca sok kerung. Naha nya, ongkoh cenah kacaritakeun telenges, tapi bet jadi daréhdéh? Kitu kira-kira nu maca protésna ka pangarang anu teu apik ngajaga watek palakuna.

    Suspencé, atawa sumput beling ceuk istilah Wahyu Wibisana mah, nyaéta pasual-an anu ngahaja disumputkeun atawa diantep sina ngelemeng ku pangarang, ngarah nu maca matak panasaran, hayang tamat tepi ka pungkasan carita.

3. Rék Nyaritakeun Naon?

    Bahan anu bisa diréka jadi hiji karangan teh kacida réana, boh anu kaalaman langsung ku urang boh tina pangalaman anu lian, boh anu nyampak di sabudeureun urang boh anu kadéngé ti tempat séjén. Kari urang bisa milihna jeung ngaraéhna.

Hiji poé aya tatangga ngadongéng bari rambisak lantaran televisina dicokot ku nu nagih hutang, mangkaning anakna harita keur ronghok lalajo televisi. Hiji mangsa di terminal katénjo pisan ku panon urang aya préman nu katénjona telenges. Awakna pinuh ku tato, ceulina dianting, sarta buukna dicét beureum. Tapi basa kadéngé ngong sora adan, éta préman téh bet gura-giru wudu sarta cong solat di musola. Dina waktu nu séjén deui, urang nénjo berita dina televisi, awéwé nu geus umuran nginghak bari ngangais budak, nénjokeun buldoser anu keur mahabu ngaruntuhkeun imahna. Jeung réa-réa deui.

    Éta di antara rupa-rupa kajadian anu mindeng sok kasaksén ku urang tina kahirup-an sapopoé. Bahan-bahan anu bisa diraéh jadi hiji karangan carita pondok.

    Réa kénéh saenyana anu bisa diguar ngeunaan ngarang carpon téh. Keur saheula-anan urang pungkas semet dinya baé. Paralun, bisa ngadongéng sakitu ogé lain asa manéh bisa ngarang. Boa kaasup kana ngabéjaan bulu tuur. Ongkoh naon-naon anu tadi dicaritakeun téh éstu tina pangalaman sorangan.  

4. Carpon Bacaeun   

    Carita pondok anu ditulis ku Ceu Onéng téa, teu kungsi kabaca tepi ka ayeuna. Ngan lalakon hirupna, lila eunteup ngalangkangan. Ku kuring tuluy ditulis dijieun carpon. Ieu carpon kungsi dimuat dina majalah Manglé sawatara waktu katukang. Ulah ditilik alus-goréngna. Ieu mah minangka bahan baé anu bisa disawalakeun.

    Anaking jeung Bulan

    HANDAPEUN lampu-lampu dayeuh nu ngempur manéhna leumpang téh.

    Jejem teu luak-lieuk, tapi henteu rusuh katénjona, sanajan teu kaasup kana ukuran leumpang ngagandeuang nu kitu mah. Tapi upama ditelek-telek riukna, kaciri yén nu keur leum-pang téh saenyana hayang geura tepi ka tempat nu ditujulna. Biheung di mana. Saliwat mah puguh siga nu keur kasarung. Wayah kieu, tengah peuting, manéhna pangawak awéwé, maké ngulampreng kénéh di tengah kota. Keurna aya nu nyangka urang lembur, pantes. Urang lembur nu keur kokotéténgan néangan dulur atawa salaki nu teu puguh dumukna. Da enya atuh, dangdanan sahinasna, nyangklék kantong bari ngais orok, ngaprak leumpang bangun sakaparan-paran.  

    Manéhna antaré leumpang ka kulonkeun. Ngalinjing mipir-mipir birit peuting, muru tempat anu teu kungsi kaimpleng di mana perenahna. Ngan dilelebah baé ku pikirna sorangan. Kira-kira di lebah dinya, ka dinya jalanna, kitu patempatanana. Geus diwangwang sagala rupana, tadi basa manéhna rék indit ti tempat panganjrekanana. Puguh baé henteu ujug-ujug jung, manéhna téh. Malah lain rumegag rék indit téh tapi ngareugeu, ngabigeu, awahing ku keur poékeun samagaha pikir. Nginghak ngabangingik geus puguh. Malah tepi ka saatna cimata. Tepi ka garingna pisan. Kawasna teu kaukur ku cimata ngerikna rarasaan manehna téh.  

    Lebah lahan nu rada lénglang, manéhna tatanggahan ka langit, neuteup bulan.

    Reg ngarandeg.

    Ngajeugeug bari tanggah watara lila.

    Di langit kawas aya nu ahéng. Peuting harita horéng bulan keur meujeuhna mabra. Bulan di langit dayeuh anu teu pati ngempray, sab kasilep ku lampu nu marakbak di mana-mana. Tapi peuting ieu téh moal salah opat welasna, cek pikirna. Tuluy aya nu ngolébat dina ingetanana, beungeut indungna di lembur, jeung imahna nu nguyupuk nyengceling di luhur pasir. Ujug-ujug nyéngcélak baé, hirup dina implenganana. Indungna ari nincak mamaleman caang bulan téh sok ngalaong baé ngaji sapeupeuting. Sorana ngagalindeng nembus lulurung-lulurung simpé. Biheung, manéhna teu kungsi nanyakeun ku naon pangna kitu. Ngan anu inget ti barang ditinggalkeun ditalak ku bapana, indungna sok ngaji kitu téh. Bapana geus taun-taun ngancleung hirup di dayeuh bari lat poho ka anak. Karuhan baé, kadua indungna manéhna kapaksa kudu nandangan kasusah, lara balangsak taya tempat pamuntangan. Nu matak ari geus ngadéngé peuting-peuting indungna ngaji, sok karasa antebna. Sora indungna nu ngalaong ti luhur pasir, jeung cahya bulan nu ngempray, duanana nyerep kana angenna, nyirep lelembutanana. Wening taya bandingna.

    Ayeuna bari tanggah neuteup bulan, bet kadéngé deui sora indungna téh, ngalaong hawar-hawar di kajauhan. Karasa laun-laun aya nu ngagelek dina tikorona.      

    Saamparan reueuk hideung lalaunan nyimbutan bulan.  

    Manéhna tungkul deui. Malah kawas ngagentak kage-bahkeun biheung ku naon. Gedig deui manéhna leumpang. Semu rusuh ayeuna mah.

    Manéhna neger-neger manéh, netegkeun karep. Nyieuhkeun naon-naon nu ngalalar jeung ngalangkang dina pikiranana. Kalangkang mangsa katukang anu saenyana sok remen némbongan. Teu, aing teu kudu ngalimba, gerentesna bari ngagisik juru panonna. Geus lila apan tilem tina pikiran aing, indung, dulur, imah jeung lemburna, pasir jeung bulanna. Geus dipupus lantaran ngahaja hayang mopohokeun.     

          Angin peuting lulumpatan dina lulurung, ngahiberkeun bau runtah, tuluy nebak buukna nu ngarumbay. Hiek aya nu kaambeu, nyocokan irungna. Manéhna ngarandeg negeskeun téténjoan. Horéng teu jauh hareupeunana aya nu keur ngahégak ngukuyan bak runtah: jelema jeung anjing. Anteng silih herengan parebut tulang, bangké, jeung sésa kadaharan nu bahé, baya-tak dina trotoar.

     Manéhna ngarandeg, ngajanteng lebah dinya. Ahéng ku téténjoan. Tuluyna tiluan pape-long-pelong bari jempling euweuh nu nyoara; manéhna, lalaki, jeung anjing. Itu tangtu asa kage-bah kagareuwahkeun. Malah tina seukeutna teuteupan éta lalaki jeung anjing, ku manéhna kateguh yén éta dua mahluk téh asa keur didodoho, asa rék disoro, direbut rejekina. Duanana kawas taki-taki rék ngarewég manéhna. Atawa boa-boa itu pada merong téh lantaran katénjoeun aing babawaan, cek pikirna. Manéhna ngagebeg, reuwas, bari dirungkup kakeueung. Leungeunna tipepereket nangkeup orok dina aisanana. Késangna ngucur di sakujur awakna.  

    Keur kitu kadéngé hawar-hawar sada nu nakol tihang listrik di kajauhan.

    Belentrang! Belentrang!  

               Manéhna asa ujug-ujug boga tanaga pikeun nyingkah ti dinya. Gedig baé indit. Ngabig-brig semu lumpat. Keur manéhna saenyana teu matak ahéng. Di kota sakapeung euweuh bédana antara jelema jeung anjing. Sakurang-kurangna kitu anu kasampak jeung karasa ku manéhna.

    Simpé karasa nyaliara, ngarungkup lelembutanana. Béda ti sasari, peuting harita nu karasa ku manéhna asa pohara simpéna. Padahal taya nu robah, boh dédéngéan boh téténjoan. Kitu ilaharna gé. Dina peuting nu ngagayuh ka janari, cara harita, dayeuh kapan sok angger ngempur. Hirup terus digelarkeun, ngaguruh taya reureuhna. Tapi harita, naon-naon anu katénjo atawa kadéngé, lain matak ngahudang ludeung cara sasarina. Henteu matak kebek ku pangharep-an cara tilu taun katukang basa manéhna mimiti nincak dayeuh tur leumpang di jalan anu éta, nu ayeuna keur disorang deui ku manéhna. Henteu, teu kitu. Malah sabalikna pisan. Bulan, jelema, anjing, bangké, runtah, jeung sora indungna, kabéh kawas ngagencét haténa, nanceb kana mamaras rasana.

    Léngkahna beuki gancang. Asa aya nu ngudag ngabeberik. Asa aya leungeun  roroésan tukangeunana. Leungeun indungna nu rék ngajéwang pigeulangna, nyegah  manéhna, ngiwat orok nu angger ngageubra dina aisanana.

    Manéhna ngahégak asa capé kabina-bina. Jajantungna asa aya nu nindihan, aya nu nga-heumpik sakaligus. Késangna beuki ngucur di sakujur awakna. Moal, aing moal galideur, da euweuh deui cara iwal ti kudu kieu, gerentesna bari ngemprid. Basa manéhna ngalieuk ka tukang, gebeg deui, horéng anjing nu tadi téh nuturkeun. Malah lain hiji, tapi aya tiluna anjing téh, ngariclik tukangeunana. Puguh baé beuki nambahan kakeueung. Manéhna asa keur diboro, dikepung anjing. Awakna semu ngadégdég mengkek kasieun. Léngkahna beuki gancang, jojoré-latan nyorang panjangna trotoar nu ngembat taya tungtungna.

    Gep, asa aya nu néwak pigeulangna.

    Lain, lain anjing. Tapi leungeun bapana. Jalma anu salila ieu dipaké tempat nyaluuh.

    Harita ti barang anjog ka dayeuh, milu nganjrek di kamar kontrakanana, karasa pisan kanyaah bapana téh. Malah sakapeung sok karasa ngogona, padahal tadina mah apan sakitu ngamplengna. Malah miceun baé sasatna, miceun ka anak, da ari indungna mah apan geus diragragan talak ti harita kénéh. Naha peta bapana kitu téh pedah manéhna nyorangan teu boga deui pamajikan, atawa geus kitu baé kuduna sipat nu jadi bapa, biheung. Ku manéhna tara nemen-nemen dipikiran. Anu puguh, ujug-ujug karasa baé betahna hirup di dayeuh téh. Komo ti barang bisa digawé mah. Najan gajihna teu sabaraha, tapi karasa jadi pangjurungna. Ngajurung ngahu-dang ludeung hirup dina gumuruh dayeuh.

    Bapana nya kitu deui, ti barang aya manéhna katémbong béragna. Henteu ripuh kawantu aya nu ngurus, daharna, pakéna. Komo kasebutna jadi satpam di pabrik, indit subuh datang peuting téh jeung enyana. Manéhna anu sasadiaan di imah téh, bubuhan manéhna mah gawéna henteu dur-duran. Lamun bapana datang peuting, manéhna sok ngulutrak mukakeun panto. Atawa lamun bapana mekel konci mah, sok geus kasampak aya baé di kamar. Sakapeung mah manéhna sok reuwas. Keur meneran tibra mah tara kadéngé bapana ngulutrak téh. Ari lilir, bapana geus ngajanteng bari daster manéhna nyingsat ka mana-mana.

    Kitu baé reuhreuy hirup paduduaan. Beuki lila bapana kawas beuki nyaah ka manéhna. Ari tas gajihan, sok katémbong rébo babawaan. Ku manéhna kataksirna hayang nyukakeun anak. Hiji waktu mah maké mangmeulikeun baju sagala rupa, baju daster, paranti saré majarkeun téh. Kaénna semu carang, tepi ka awak bakal témbong ngalangkang lamun dipaké téh. Harita kénéh gé tuluy dipake éta daster téh, diajaran. Manéhna lunggak-linggek hareupeun eunteung. Tukang-eunana bapana mencrong,  ngalelekan sakujur awak anu keur ngeunteung.       

    Tepi ka hiji peuting, manéhna keur saré ngageubra, keur ngimpi neuteup bulan di buruan imahna nu nyengceling di mumunggang; ngimpi ngadédéngékeun sora indungna nu ngalaong ngaji yasin. Keur kitu bet karasa asa aya leungeun nu ngusapan pipina, bitisna, pingpingna....

    Koréjat manéhna hudang.

    Ngajeugeug hareugeueun, mencrong lalaki hareupeunana. Bapana. Lain, lain bapana. Tapi sidik enya, éta téh bapana. Pada jempling baé taya nu ngomong sakemék. Rohangan kamar kawas ujug-ujug kasirep ku naon boa. Jempling tapi karasa genting. Tah, panon bapana nu hurung nu mawa genting téh. Sidik pisan teuteupna peuting harita mah ahéng katénjona. Lain teuteup bapa ka anak, tapi teuteup lalaki nu nyidem birahi.

    Manéhna ngised, mundur.

    Gep leungeunna dicekel. Ku manéhna diképéskeun. Tapi itu kalah beuki pageuh nyekel-na. Manéhna teterejelan ngaleupaskeun manéh. Tapi nu nyekel tambah ngonci, malah tuluy meubeutkan dirina kana kasur. Manéhna ripuh. Papuket baé tuluyna mah. Anak jeung bapa. Nu ngamuk hayang leupas jeung nu ngadengkék hayang ngumbar napsu ngaberung. Pagugulung. Anak jeung bapa.

    Sabedas-bedasna ogé tanaga awéwé, naon hartina. Piraku rék bisa ngejat tina genggeman lalaki nu keur ngagugudag ku napsu iblis. Langit peuting nu harita geus hideung ku indung men-dung, kawas turun laun-laun ngalingkup suhunan, tuluy ngagebrét nurunkeun hujan. Manéhna nya kitu deui, bari nyuuh téh ngagukguk hujan cimata.      

    Sugan ukur semet dinya lalakon hirupna téh.

 

    Horéng éta mah kakara riakna mun cai mah, saméméh ngajelegur datang ombak nu leuwih rosa umpalan. Bapana nu tadina sasat dipaké tempat nyaluuh basa manéhna hayang ngumbara hirup di dayeuh, geus nyieun peta biadab, ngagadabah ngarurujit dirina. Tuluy runtuh baé sakabéhna, sumangetna, angen-angenna, geus taya pulukeun. Wungkul ngan rasa hina nu meureutan haténa saban waktu. Diteumbleuhan geugeuleuh anu ngan ngaheumpik ka dirina so-rangan.

    Tapi kahirupan henteu ngarandeg lebah dinya.

    Waktu terus baé ngagilisir kawas angin, halon nebak dangdaunan, atawa ngahiuk neum-bag cadas nu nangtawing. Manéhna gé laun-laun mah milu asup ka dinya, kana lulurung waktu, kana ulekan hirup nu ahéng, bari angger kudu disorang. Teu bisa ngejat ongkoh. Teu bisa nying-kah ngajauhan. Malah kawas dicangcang baé tuluyna mah. Da jeung enyana deuih, manéhna dikungkung dikurungan. Angger hirup di dinya, paduduaan jeung bapana. Kungsi manéhna nyo-baan ngalolos kabur, tapi teu kungsi saminggu, bapana geus nyerek manéhna. Tepi ka hiji waktu manéhna ngarasa lendeng, lalieur hayang utah saban waktu. Aya binih nu laun laun-laun jadi dina pianakanana. Gugurkeun! Cek bapana.

    Bulan ngempray deui di langit. Angin peuting ngusapan buukna nu semu beueus ku ciibun. Léngkahna geus anjog ka tungtung dayeuh, moal lila gé bakal tepi ka tempat nu rék ditu-julna. Leumpangna beuki gancang, bangun inggis sieun kapegat balébat. Sieun katénjo ringkang-na, ku saha baé atawa ku naon baé.

    Geus tepi mah horéng henteu sakumaha anu kaimpleng ti tadina.

    Manéhna ngajeugeug baé nénjo runtah nu ngagunung téh. Cek pikirna, moal rék talang-ké, rék sok baé disimpén dituruban orokna téh, tuluy manéhna geuwat ngejat deui. Henteu, teu kitu. Nénjo runtah ngagunung jeung sora anjing babaung, dirina ujug-ujug dikepung kakeueung. Kakeueung anu pohara antebna. Leungeunna tipepereket nangkeup orok nu angger ngageubra dina aisanana. Samping nu ngarungkup orokna dibuka lalaunan. Bréh beungeut nu suci beresih. Dina beuheungna aya nu ngageleng semu beureum, tapak ramona nu tadi ngaranggeum lalaunan. Lalaunan tapi tuluy mangkék sakaligus, ngarah teu kadéngé ngocéakna. Enya teu kadéngé ceurik orok téh, ngan sukuna baé kekejetan. Éta gé teu lila, pantesna rohna tuluy ngahiur ka luhur langit.  

    Teu katahan harita mah nu ngagelek dina tikorona téh. Gauk baé manéhna ceurik. Awak-na rampohpoy, asa leyur, lungsé kapupul bayu. Méh-méhan rubuh basa leungeunna ngudar aisan téh.

    Manéhna mereketkeun manéh, ngumpulkeun sésa tanagana. Orokna ditampék dibawa ka lebah hunyudan runtah. Sok ditunda diamparan samping. Henteu dirurubkeun samping téh. Orokna sina ngagolér kitu baé. Awakna, beungeutna, lir cahayaan katojo bulan purnama nu ngempur. Bangun keur tibra, cunggelik nyangsaya dina runtah nu ngagunung di sakurilingna.

    Manéhna ngajengjen kénéh, kawas hayang méakkeun teuteup panungtungan. Beulah ditu, anjing nu tadi nuturkeun geus ngajarogo, mencrong manéhna. Hésé ngagambarkeun kumaha riuk  jeung rarasaan manéhna harita. Nu puguh ahéng pisan katénjona. Manéhna ngajentul kawas arca, disanghareupan anjing nu jarempling, handapeun bulan nu ngebrak nyaangan layon orokna. Keur kitu bet asa kadéngé ku manéhna sora indungna hawar-hawar, keur ngaji ngalaong di kaanggang-an.

    Bari rampohpoy manéhna tuluy ngaléos.

    Basa léngkahna geus jauh, kadéngé sora anjing ragég bangun keur parebut hakaneun ti lebah dinya, ti lebah anakna nu tadi ngageubra kasorot ku cahya bulan. ***

  (Dimuat dina Manglé No. 2004, Feb. 2005)

Sumber:

1.    Adang S., Diajar Ngarang Carita Pondok, CV Pustaka Buana, Bandung, 1987

2.    Arswendo Atmowiloto, Mengarang itu Gampang, PT Gramedia, Jakarta, 1986

3.    Drs. A. Hadi Nafiah, Anda Ingin Jadi Pengarang? Usaha Nasional, Surabaya, 1981

4.    Majalah Manglé No. 2004, Fébruari, 2005                      

5.    Mochtar Lubis, Sastra dan Tekniknya, Yayasan Obor Indonesia, Jakarta, 1997

Komentar :

Nama :
E-mail :
Web :
Komentar :
Masukkan kode pada gambar

    [Emoticon]
 

Pengumuman PPMB

 

Artikel Popular

  • Kumpulan Carita Pondok
    Carita Pondok - 10-04-2012 21:32:58  (19)
  • Cara Nginstall Font Aksara Sunda
    Aksara Sunda - 28-08-2012 12:02:07  (7)
  • Kumpulan essay Sunda
    Artikel/Essay Sunda - 26-03-2012 11:50:07  (4)
  • Kumpulan Resensi Buku-buku Sunda
    Resensi - 25-03-2012 17:08:58  (4)
  • Melukis wajah dengan pensil
    Warta Sakola - 14-06-2013 18:10:42  (3)
 

Komentar Terbaru

 
 

waktu

 

slidshow

 

Buku Tamu

  • BEGIN CBOX - www.cbox.ws - v001 -->
    END CBOX --> Get This Gadget
 

Jaringan Blog Pendid

 

twetter

 
 
 

-

 
Home | Profil | Pengumuman

Copyright © 2011 Unair | Designed by Free CSS Templates