Wawa Warno
Silih Asuh ku pangaweruh, Silih Asah ku pangabisa, Silih Asih ku pangarti
 
 
 
 

Pengunjung

199272
 

Prabu Siliwangi ceuk Pleyte

oleh Hawe Setiawan pada 7 Maret 2012 pukul 16:54 ·

Ti antara buku-buku karangan C. M. Pleyte, aya Raden Moending Laja di Koesoema: Een Oude, Soendasche Ridderroman “Radén Munding Laya di Kusumah: Roman Satria Sunda Buhun” wedalan Albrecht & Co, Batavia, taun 1906. Nu dipidangkeun dina ieu buku téh transkripsi carita pantun nu ngalalakonkeun Radén Munding Laya di Kusumah dina basa Sunda katut tarjamahanana dina basa Walanda. Méméh sup ka dinya, Pleyte ngabahas sababaraha perkara nu aya patalina kana tukang pantun katut carita pantun.

            Dina bahasanana, Pleyte antarana nyieun catetan kaki ngeunaan Prabu Siliwangi anu remen disabit-sabit ku tukang pantun. Geura urang cutat:

             “Praboe Siliwangi wordt in nieuwere Soendasche sadjarah’s veeltijd de eerste en tevens de laatste koning van Padjadjaran genoemd. Evenwel is hij noch de een noch de ander geweest. Immers de Batoe toelis nabij Buitenzorg noemt als grondvester van Pakoean Padjadjaran Sri Sangratoe Dewata, terwijl een palmbladhandschrift, gedateerd de 3de maand 1440 Caka --- 1518 n. Chr., ons leert, dan Praboe Siliwangi toen reeds door toekang pantoen bezongen werd. Holle, K. F., Vlugtig berigt enz. in Tijdschr. V. Ind.- Taal-, Land- en Volkenkunde, dl. XVI, blz. 457.

            “Waar nu met vrij groote zekerheid mag aangenomen worden dat Pakoean pl. m. 1575 door Banten veroverd werd en wel door Pangeran Joesoef, later Maoelana Joesoef, kan dus Praboe Siliwangi niet de laatste heerscher over Padjadjaran geweest zijn. In de Serat Banten, die zeer uitvoerig over de inneming van Pakoean spreekt, XIX Kinanti en XX Doerma, treffen wij den naam Praboe Siliwangi dan ook niet aan, de toen der tijd regeerende koning wordt alleen verscheiden was, toen de Banteners onder het uitroepen der kalimat en sahadat al wat zich binnen de stad, na hun nachtelijke overrompeling, te weer stelde over den kling joegen.

            “Het meest waarschijnlijk komt ons voor dat Praboe Siliwangi nooit vorst over Padjadjaran geweest is, doch dat wij in hem te zien hebben Praboe Wangi, die volgens de Tjarita Parahijangan bij Boebat tegen Hayam Woeroek het leven liet. Brandes, J., Pararaton, blz. 134. Wijlen Holle, die de Pararaton niet heeft gekend, kwam reeds vroeger tot de overtuiging dat Praboe Siliwangi niemand anders is dan Praboe Wangi, de groot vader van voornoemden Sri Sangratoe Dewata, den stichter van Pakoean Padjadjaran, een meening die door nieuwere feiten slechts bevestigd wordt. Intusschen steit Holle zijn regeeringsperiode te vroeg: Praboe Wangi door hem als levend kort na het jaar 1000 A. D. aangenomen, sneuvelde in 1357 n. Chr. Holle, K. F. Nog een woord over den Batoe toelis. Tijdschr. v. Ind. Taal-, Land- en Volkenkunde, dl. XXVII, blz. 187.” (Pleyte, 1906: 10)

             Pisundaeunna mah meureun kieu:

             “Prabu Siliwangi téh dina babakan sajarah Sunda nu leuwih anyar mah disebut raja Pajajaran nu munggaran tur nu pamungkas. Na kumaha, ongkoh raja nu ieu tapi raja nu itu deuih. Mémang, Batu Tulis deukeut Bogor nyebutkeun yén nu ngadegkeun Pakuan Pajajaran téh Sri Sangratu Déwata, ari naskah daun palem, anu titimangsana bulan ka-3 taun 1440 Caka --- 1518 Maséhi, nuduhkeun ka urang, yén Prabu Siliwangi téh harita gé geus disabit-sabit dina lalaguan tukang pantun. Holle, K. F., iber jsté. dina Tijdschr. V. Ind.- Taal-, Land- en Volkenkunde, nomer XVI, kaca 457.

            “Tah, ayeuna kalayan lumayan jinek bisa dilelebah yén Pakuan dina taun 1575 kaeréh ku Banten tur dikawasa ku Pangéran Yusuf, nu terus kaceluk Maulana Yusuf, tur ku kituna Prabu Siliwangi teu bisa disebut raja Pajajaran nu pamungkas. Dina Serat Banten, nu réa nyaritakeun dijoragna Pakuan, nya éta dina XIX Kinanti jeung XX Durma, urang terang  yén jenengan Prabu Siliwangi teu disabit-sabit di dinya, jadi harita geus réa raja séjénna nu maréntah, nalika urang Banten kalayan ngagedurkeun kalimah reujeung sahadat kabéh asup ka kota karajaan, sabada nyerang peuting-peuting, daratang deui sapakarangna-sapakarangna.

            “Nu pangmungkinna keur urang mah, tayohna, batan nyebutkeun yén Prabu Siliwangi teu kantos janten ratuna Pajajaran, lebih hadé urang ningali inyana minangka Prabu Wangi, nu numutkeun Carita Parahiangan palastra ku Hayam Wuruk di Bubat. Brandes, J., Pararaton, kaca 134. Ari Holle, nu teu uningaeun ka Pararaton, saméméhna kagungan anggapan yén Prabu Siliwangi téh taya sanés iwal ti Prabu Wangi, nyaéta éyangna Sri Sangratu Déwata nu ngadegkeun Pakuan Pajajaran téa, nya éta pamendak nu cikénéh diakurkeun kana kajadian nu kaguar sabadana. Ari jaman pamaréntahan nu disebutkeunana heubeul teuing: Prabu Wangi ku inyana disebutkeun jumeneng teu lami sabada taun 1000 A. D., tur pupusna dina taun 1357 Maséhi. Holle, K. F., katerangan lianna ngeunaan Batu Tulis. Tijdschr. v. Ind. Taal-, Land- en Volkenkunde, nomer XXVII, kaca 187.” (Pleyte, 1906: 10)

             Kitu cenah. Enya, cék Pleyte, lain cék nu narjamahkeun.

            Bisi aya nu teu merenah, atawa papalingpang pisan, lebah tarjamahanana, nya tamada. Ti dituna gé sabrang salayan baé. Jajauheun asup ka cabé.***

 Bandung, 7 Maret 2012

Hawé Setiawan

Komentar :

Nama :
E-mail :
Web :
Komentar :
Masukkan kode pada gambar

    [Emoticon]
 

Pengumuman PPMB

 

Artikel Popular

  • Kumpulan Carita Pondok
    Carita Pondok - 10-04-2012 21:32:58  (19)
  • Cara Nginstall Font Aksara Sunda
    Aksara Sunda - 28-08-2012 12:02:07  (7)
  • Kumpulan essay Sunda
    Artikel/Essay Sunda - 26-03-2012 11:50:07  (4)
  • Kumpulan Resensi Buku-buku Sunda
    Resensi - 25-03-2012 17:08:58  (4)
  • Melukis wajah dengan pensil
    Warta Sakola - 14-06-2013 18:10:42  (3)
 

Komentar Terbaru

 
 

waktu

 

slidshow

 

Buku Tamu

  • BEGIN CBOX - www.cbox.ws - v001 -->
    END CBOX --> Get This Gadget
 

Jaringan Blog Pendid

 

twetter

 
 
 

-

 
Home | Profil | Pengumuman

Copyright © 2011 Unair | Designed by Free CSS Templates